(Go: >> BACK << -|- >> HOME <<)

Lompat ke isi

Titik golak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Titik Golak mangrupa suhu di mana éta suhu bisa ngarobah kaayaan hiji zat tina cair kana gas dina sakabéh atawa sabagain éta cairan.[1] Cairan éta bisa robah jadi gas dina suhu di handap titik golak ngaliwatan prosés panguapan.[1] Nalika zat cair jadi gas disebut ngagolak atawa panguapan.[2] Dina suhu nu tangtu nu disebut titik golak, molekul bakal meunangkeun énergi anu cukup pikeun ngaleupaskeun sorangan jadi gas. Titik golak cai nyaéta 100 darajat C (212 darajat F).[2]

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b (en)Boiling point (diakses ping 4 November 2015)
  2. a b (id)Pengertian Titik Leleh dan Titik Didih Archived 2017-04-30 di Wayback Machine (diakses ping 4 November 2015)